B. Daerah

Pertanyaan

Naon hartina istilah istilah dina olahraga badminton di foto
Naon hartina istilah istilah dina olahraga badminton di foto

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda
    Kelas : - (SD)
    Pembahasan :

    Badminton mangrupa salahsahiji widang olahraga anu dipikaresep ku urang Sunda, boh dikampung boh dikota. Kusabab loba urang Sunda anu mikaresep olahraga badminton, nepika aya kawih Sunda anu judulna Badminton. Anu nyiptakeun kawih badminton teh nyaeta Mang Koko, sedengkeun anu nganyanyikeun eta kawih teh nyaeta Benyamin S.

    Istilah-istilah anu aya dina olahraga badminton teh sumebarna sacara lisan, kusabab kitu istilah-istilah anu aya dina olahraga badminton ku urang Sunda mah diucapkeunnana jadi sadenge-dengena, matak pikaseurieun jeung jadi aneh. Sanajan eta istilah teh matak pikaseurieun jeung aneh, tetep wae eta istilah teh ku urang Sunda anu sok maen badminton mah kaharti.

    Di handap ieu dijentrekeun naon anu dimaksud ku istilah-itilah saperti kok, net reket, lepri, lesmen, serpen, lob, jeung semes anu sok disebut-sebut ku urang Sunda dina waktu maen badminton:

    1. Kok hartina bal anu digunakeun pikeun maen badminton atawa bulu tangkis, anu asalna tina istilah "shuttle cock"
    2. Net hartina jaring anu digunakeun pikeun maen badminton
    3. Reket hartina alat pikeun nakol kok dina maen badminton, anu asalna tina kecap "racket"
    4. Lepri hartina wasit, anu asalna tina kecap "referee"
    5. Lesmen hartina hakim garis, anu asal kecapna tina "linesmen"
    6. Serpen hartina serve atawa bagean mimiti nakol kok dina maen badminton
    7. Lob hartina nakol kok anu ngapung ka luhur
    8. Semes hartina nakol kok satarikna nepi ka nyirorod ka handap, anu asal kecapna tina "smash"