Contoh kalimah bilangan basa sunda
B. Daerah
XChild
Pertanyaan
Contoh kalimah bilangan basa sunda
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kalimah bilangan nyaeta kalimah anu predikatna atawa caritaanana mangrupa kecap bilangan. Hiji kalimah anu lengkep biasana ngabogaan jejer atawa subjek, caritaan atawa predikat, objek jeung katerangan. Dihandap ieu nyaeta conto kalimah bilangan : "Jauhna 25 kilo meter". Salian ti kalimah bilangan, aya oge anu disebut kalimah barang, kalimah sifat jeung kalimah pagawean.
Kalimah barang nyaeta kalimah anu caritaanana atawa predikatna mangrupa kecap barang. Kalimah sipat nyaeta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap sipat atawa kaayaan. Sedengkeun kalimah pagawéan nyaeta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap pagawean.