B. Daerah

Pertanyaan

Cing bere hiji conto kalimah wawaran!(bhs.sunda)

1 Jawaban

  • Conto kalimah wawaran nyaeta saperti "Adi kamari indit ka Bandung". Kalimah wawaran nyaeta kalimah anu henteu merlukeun jawaban atawa tindakan ti anu narima atawa maca eta kalimah. Kalimah wawaran sifatna nyaeta mere beja atawa mere informasi. Kusabab kitu warta sok dieusi ku kalimah wawaran. Sabab warta fungsina nyaeta mere beja.

    Kalimah wawaran beda jeung kalimah saperti kalimah panyaram, kalimah pangajak atawa kalimah panitah. Kalimah panyaram eusina nyaram ka anu maca eta kalimah sangkan henteu ngalakukeun hiji hal. Kalimah pangajak nyaeta kalimah nu eusina ngajak ka anu maca eta kalimah pikeun ngalakukeun hiji hal. Sedengkeun kalimah panitah nyaeta kalimah anu eusina nitah ka anu maca eta kalimah sangkan ngalakukeun hiji hal.

    Kategori Soal : Bahasa Sunda

    Kelas : - (SD)

    Kata Kunci : Kalimah wawaran

Pertanyaan Lainnya