Jieun kalimat anu ngagunakeun ragam basa hormat(basa lemes) tina ungkara-ungkara dihandap 1. Astana gede 2. Desa gunung leutik 3. Ceker hayam 4. Hulu domba 5. M
B. Daerah
sonialatifah72
Pertanyaan
Jieun kalimat anu ngagunakeun ragam basa hormat(basa lemes) tina ungkara-ungkara dihandap
1. Astana gede
2. Desa gunung leutik
3. Ceker hayam
4. Hulu domba
5. Maraban anak kuda
6. Leutik burih
7. Panjang leungeun
8. Hulu peutieun
9. Nyolok mata buncelik
10. Asa ditonjok congcot
11. Kalapa bijil ti cungcap
12. Bubu ngawarengan cocok
13. Hade ku omong, goreng ku omong
14. Lauk buruk milu mijah
15. Mapatahan ngojay ka meri
Ka tolong dijawab nya skrng, mau dikumpulkan.. trima kasih
1. Astana gede
2. Desa gunung leutik
3. Ceker hayam
4. Hulu domba
5. Maraban anak kuda
6. Leutik burih
7. Panjang leungeun
8. Hulu peutieun
9. Nyolok mata buncelik
10. Asa ditonjok congcot
11. Kalapa bijil ti cungcap
12. Bubu ngawarengan cocok
13. Hade ku omong, goreng ku omong
14. Lauk buruk milu mijah
15. Mapatahan ngojay ka meri
Ka tolong dijawab nya skrng, mau dikumpulkan.. trima kasih
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Bahasan Pakeman Basa
Kelas : XI (2 SMA)
Pembahasan :
Dina basa Sunda aya dua ragam basa, nyaeta ragam basa hormat atawa lemes jeung ragam basa loma atawa kasar. Tapi aya sawatara kecap atawa kekecapan anu bisa digunakeun boh dina kalimah lemes boh dina kalimah kasar, sanajan eta kecap atawa kekecapan teh mangruka kecap atawa kekecapan anu kasar.
Kecap atawa kekecapan anu kitu teh biasana kekecapan anu aya dina pakeman basa atawa ngaran patempatan jeung sajabana. Eta kekecapan teh sanajan aya dina kalimah lemes, henteu perlu diobah jadi kekecapan anu lemes. Di handap ieu nyaeta sawatara kalimah lemes anu ngagunakeun kekecapan kasar anu aya dina pakeman basa atawa ngaran patempatan :
1. Abdi sareng rerencangan enjing bade mios ka Astana Gede di Kawali
2. Kang Amir teh ayeuna janten lurah di Desa Gunung Leutik
3. Sanaos seratannana sapertos ceker hayam, ari pangartosna mah sae pisan
4. Anu meuncitna mah saurna hoyong dipasihan hulu domba
5. Pa Lurah katingalina mah nuju maraban anak kuda
6. Ari janten pamingpin mah ulah leutik burih, kedah kagungan wawanen atuh
7. Kedah sing atos-atos atuh ka jalami anu panjang leungeun mah
8. Upami petinju mah aya saena hulu peutieun teh, margi sirahna sesah kateunggeul ku lawanna
9. Eta mah asa nyolok mata buncelik ningali Kang Dedi nyeuseulan istrina di payuneun tatanggana
10. Kang Amir saurna asa ditonjok congcot ngadangu putrana kenging bea siswa sakola ka Jepang
11. Ari nyarios ka batur mah saurna ulah seueur saur, tapi anjeunna keneh anu nyarios kamana-mana abong-abong kalapa bijil ti cungap
12. Upami ngadamel aturan teh kedah adil sareng obyektif, ulah dugi ka bubu ngawarengan cocok
13. Upami nyarios teh kedah sing atos-atos, margi hade ku omong goreng ku omong
14. Ari janten jalmi teh kedah gaduh pamadegan anu maneuh, ulah dugi ka lauk buruk milu mijah
15. Ngawartosan matematika ka Amir mah atuh sapertos mapatahan ngojay ka meri