B. Daerah

Pertanyaan

Sebutkeun pupuh KSAD sama 5 pupuh sekar alit

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Pupuh

    Kelas : - (SD)

    Pembahasan :


    Pupuh KSAD nyaeta Kinanti, Sinom, Asmarandana jeung Dangdanggula. Sedengkeun conto 5 ngaran pupuh Sekar Ageung nyaeta Pocung, Balakbak, Lambang, Gambuh dan Durma.


    Pupuh teh nyaeta aturan atawa patokan anu biasa digunakeun dina sawatara puisi Sunda. Conto puisi Sunda anu biasa ngagunakeun patokan pupuh nyaeta saperti guguritan jeung wawacan. Aya 17 rupa pupuh anu dikelompokkeun jadi dua kelompok, nyaeta Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa pupuh. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa pupuh.


    Opat rupa pupuh nu aya dina Sekar Ageung nyaeta pupuh KSAD eta. Dina nepikeunnana pupuh biasa dihaleuangkeun atawa dinyanyikeun ku ngagunakeun tembang. Kusabab kitu pupuh teh sok disebut oge tembang. Pupuh nu aya dina Sekar Ageung biasa dihaleungkeun ku leuwih ti sarupa tembang. Sedengkeun pupuh nu aya dina Sekar Alit biasa dihaleuangkeun ku ngan sarupa tembang.


    Wawacan biasa ngagunakeun pupuh nu aya dina Sekar Ageung wungkul. Sedengkeun guguritan biasa ngagunakeun pupuh boh nu aya dina Sekar Ageung boh nu aya dina Sekar Alit. Umpama ditilik tina wangun eusina, wawacan teh siga carita pantun, nyaeta wangun puisi nu eusina mangrupa carita. Sedengkeun guguritan mah siga sajak, nyaeta wangun puisi nu eusina henteu mangrupa carita.


    Jadi, dina puisi Sunda teh aya dua rupa wangun puisi, nyaeta wangun puisi nu eusina mangrupa carita jeung wangun puisi nu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda nu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeunhg carita pantun. Sedengkeun wangun puisi nu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti guguritan, sajak, mantra, sisindiran jeung pupujian.


    Kata Kunci : Pupuh, pupuh KSAD, Sekar Ageung, Sekar Alit

Pertanyaan Lainnya