B. Daerah

Pertanyaan

naon maksudna ungkara taya beurang taya peuting taya raja taya kuring

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Pupujian
    Kelas : VII (1 SMP)
    Pembahasan :

    Ungkara "taya beurang taya peuting taya raja taya kuring" teh mangrupa sabagian ungkara nu aya dina hiji pupujian. Umpama ditilik tina ungkarana, pupujian oge mangrupa karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Pada atawa bait salengkepna tina eta ungkara nyaeta :

    Taya beurang taya peuting
    taya raja taya kuring
    Dimana ajal geus sumping
    teu meunang tempo anaking

    Umpama nilik kana ungkara salengkepna di luhur, maksud atawa harti tina eta ungkara teh jadi jelas atawa henteu perlu dijelaskeun deui. Eta ungkara di luhur teh, salian mangrupa hiji pada tina hiji pupujian, oge bisa disebut mangrupa hiji pada tina wangun sisindiran, anu miboga bagian sampiran jeung eusi. 

Pertanyaan Lainnya